Asup SMA

5.6K 120 31
                                    

SMA Tengsaw (Tengah sawah) keur ngayakeun MOS, subuh-subuh di sakola Jennie jeung Seulgi geus siap-siap nyieun properti jakeur MOS.

Jennie: Seulgi tah weh sok kerjakeun ku maneh kabeh, urang mah tanggeul ah rek lalajo tipi

Seulgi: Hor Jennie ngurus tunjung hirup teh! Kuduna mah maneh lah nu ngagawean ieu kabeh teh! Urang mah tingagl nitah-nitah doang da apan urang ketua Osisna

Jennie: Ari maneh Seulgi! Poho apa kumaha? Urang ge pan ketua Osis, bareto tea lain keur pemilihan teh arurang seri 1000 suara ewang

Seulgi: Heeuh nyaho, tapina sok atuh ayeuna mah ku maneh weh

Jennie: Teu bisa kitu maneh teh Seulgi!

Seulgi: Hoh meuni nyolot kitu geuning?!

(Ngalung-ngalungkeun properti, malah nimpug ka Seohyun Seonsangnim nu karek datang)

Seohyun Seonsangnim: Aduuuuuh Seulgi! Jennie!

Jennie: Eh ibu hampura

Seulgi: Tah Bu Si Jennie nu salah!

Seohyun Seonsangnim: Tos-tos! Jadi kieu dameul Seulgi sareung Jennie teh...ieu geuningan teu acan beres keneh wae?! Oge MOS na ayeuna tabuh genep

Jennie: Nya Bu hampura tudana Si Seulgi tah gawena teu becus

Seulgi: Jadi nyalahkeun ka urang?!

Seohyun Seonsangnim: Jennie! Seulgi! Jempe coba! Pokonamah ibu alim terang, ieu kudu dibereskeun!

Seulgi + Jennie: Muhun ibu

(Seohyun Seonsangnim rek mangkat)

Jennie: Ibu bade kamana?

Seohyun Seonsangnim: Oh ibu teh bade ka salon heula, kan ayeuna MOS jadi kedah dandan sing geulis

(Sowon+Eunha+Taehyung datang)

Sowon+Eunha+Taehyung: Assalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh

Seulgi: Waalaikumsalam

Jennie: Tah Alus kieu datangna kudu tepat waktu, saha namina?

Sowon: Abdi Sowon

Jennie: Oh Sowon

(Jennie merekeun papan ngaran Sowon)

Eunha: Teh Abdi Eunha

Jennie: Yeuh Eunha

(Jennie merekeun papan ngaran Eunha)

Seulgi: Terus nu hiji deui saha namina?

Taehyung: Abdi Taehyung teh

Seulgi: Yeuh nu Taehyung

(Seulgi merekeun papan ngaran Taehyung)

Seulgi: Sok ayeuna sebutkeun passwordna

Eunha: Laleur mapai areui nu ngagemui di imahna Mang Asep jeung Bi Icem isuk-isuk keur lebaran

Sowon: Laleur mapai areui nu ngagemui di imahna Mang Asep jeung Bi Icem isuk-isuk keur lebaran

Taehyung: Abdi teh ayeuna?

Seulgi: Nya sok

(Taehyung cicing wae)

Seulgi: Kunaon maneh cicing wae? Sok hayoh sebutkeun!

Taehyung: Laleur mapai-mapai tuluy digurumut sireum

Seulgi: Hah? Naon eta? Lain kitu!

Taehyung: Eh kumaha atuh teh passwordna? Oh heeuh... Taehyung999

Jennie: Naon sih lain password fb!

Taehyung: Hampura teh terus password naon atuh? Instagram? Twitter? BBM? Line? Wattpad? Apa naon?

Seulgi: Ari maneh geuning jadi nanya balik? Kamari teu kumpulan nya?! Geuning teu nyaho password MOS?

Jennie: Sowon Eunha sok ayeuna asup weh passwordna bener...tapi Taehyung mah teu menang asup

Sowon+Eunha: Nuhun teh

(Sowon+Eunha mangkat, teu lila So Eun+Lisa+Yerin datang)

Jennie: Heh maneh kunaon datangna ngaret? Ieu geus jam baraha tempo atuh!

So Eun: Hampura teh tadi di jalan macet

Jennie: Macet timana? Lamun isuk keneh mah bakal moal macet!

Lisa: Muhun sih teh teu macet tapi tadi atos emam heula di kafe

Jennie: Naon??? Maraneh karek jadi murid baru ge tapi geus kitu kalakuannana!

Seulgi: Geus hukum weh tah barudak ieu abeh nyaho aturan sakola!

Jennie: Ayeuna maraneh ku teteh dihukum maraneh kudu nyieun yel-yel bareng jeung si eta (nunjuk Taehyung)

So Eun: Naon? Jeung Si eta? Teu salah teh?

Seulgi: Nya henteu lah~ geus buru

Lisa: Oke lah teh

(Jennie+Seulgi mangkat)

Yerin: OMG meuni deso pisan eta jelema

Taehyung: hmmm Abdi weh nu ngadamelna nya

Oops! This image does not follow our content guidelines. To continue publishing, please remove it or upload a different image.

Taehyung: hmmm Abdi weh nu ngadamelna nya

So Eun: Nya geus sok, tanggeul ah urang mah

Yerin: Buruan geura nyieun nu alus!

Lisa: Eh ku urang dibantuan nya~ saha aran maneh?

Taehyung: Tah ieu aya tulisan di papan ngaran

Lisa: Oh muhun nya, jadi namina Taehyung

So Eun: Geus tong ngarobrol wae buru geura anggeuskeun bising teh Jennie jeung teh Seulgi datang manten

Yerin: Buru deso! geuleuh da urang mah nempo maneh teh, eta gaya rambut maneh taun sabaraha?

Taehyung: Taun gajah~ emang kunaon kituh? Hayangnya kawas urang?

Yerin: Dih amit-amit jabang orok

(Taehyung keur nulis yel-yel)

(Datang Jennie+Seulgi)

Jennie: Buru geus can?

So Eun: Ieu nuju dikerjakeun teh

Taehyung: ieu teh atos beres (Taehyung merekeun kertas)

Seulgi: Ayeuna ku maraneh lagukeun

So Eun: Heh maneh Taehyung! Kunaon malah diberekeun? Kan arurang can apal

Yerin: Piseubeuleun pisan sih eta budak!

Lisa: Buru geura maju, hiji...dua...

Taehyung: Kudu bareng nya, kudu bareng siaaah

Jennie: Buru bareng, kudu kompak!

Seulgi: Heh maneh duaan scout jump 5 kali (nunjuk So Eun+Lisa)

So Eun: OMG...alim ah teh

Yerin: Gara-gara si Taehyung deso dasar

Jennie: Buru scout jump!

(So Eun+Yerin dihukum deui gara-gara teu apal yel-yel)

SI KASEP (cerita bahasa Sunda) COMPLETEDWhere stories live. Discover now